Rina Tesya Anggraeni

Pages

  • Beranda

Blog Archive

  • ▼  2012 (13)
    • ►  April (2)
    • ▼  Maret (8)
      • Ngaran Patempatan dina Basa Sunda
      • MONOLOG PADA KRITIK SASTRA
      • Sejarah Valentine Days.
      • Standar Isi 2006 Pangajaran Basa Sunda SMA
      • Artikel :)
      • Tulisan Jurnalistik
      • BIANTARA SAMBUTAN DINA MILANGKALA
      • Kawih Rumaja
    • ►  Januari (3)
  • ►  2011 (3)
    • ►  Oktober (1)
    • ►  September (2)

About Me

Foto Saya
Rina Tesya Anggraeni
Bandung, Jawa Barat, Indonesia
Mahasiswa Universitas Pendidika Indonesia 2010
Lihat profil lengkapku

Followers

Senin, 26 Maret 2012

BIANTARA SAMBUTAN DINA MILANGKALA


 Assalamu’ alaikum wr. wb.
Bapa miwah Ibu anu ku sim kuring dipihormat.
Sateuacanna sumangga urang nyanggakeun puja nu sampurna ka Allah ‘azza wajala, puji nu sajati ka Gusti robbul’izzati, sinareng sukur ka Gusti Nu Maha Gofur, anu parantos maparin kaséhatan sareng kakiatan ka urang sadaya.
Alhamdulillah, ku jalaran ni’mat ti manten-Na pisan, dina danget ieu urang tiasa patepung lawung paamprok jonghok di ieu tempat dina raraga milangkalana pun anak anu ka-7.
Solawat miwah salam, urang sanggakeun ka Jungjunan urang sadaya, Nabi Muhammad SAW, ka kulawargina para sohabatana kalih ka jalmi-jalmi soléh sapandeurieunana.
Langkung tipayun sim kuring hoyong nyanggakeun pangwilujeng, réhna pun anak téh nuju milangkala anu ka-7.
Hadirin hormateun sim kuring,
Kanggo simkuring milangkala ieu téh hartosna parantos tambih yuswa sataun sarta ngémutan yén pun anak engké téh bakal teras majeng janten déwasa. Harepan simkuring mudah-mudahan dina nempuh jalan nuju kana jalan kadéwasaanana engké, pun anak henteu nyimpang tina naon-naon anu parantos janten harepan sareng cita-cita ibu ramana.
Rupina harepan nu jadi angen-angen, kahayang nu teu weléh kumalayang, nyaksian pun anak aya dina kawilujengan dunya ahérat. Piwuruk ulah matak jadi buruk, papatah ulah sina patulayah. Lakonan nyataning kalangkang.

Dibéré pancén ulah baha
Bisi dosa ka babawa
Lébér wawanén lega wiwaha
Ciri jalma geus sawawa

Lamun nimu ulah dusta
Daék nyaluk nya ka batur
Luhung élmu jembar pangabisa
Daék miwuruk jeung mitutur

Sugan ngarti mun dipénta
Kadé ulah rék rumahuh
Sugih harti waluya harta
Daék nulung ka nu butuh.
Rupina sakitu nu kapihatur. Hapunten bilih aya basa sareng tata-krama anu kirang merenah. Langkung saur bahé carék hapunten anu kasuhun.
Wassalamu’alaikum wr. wb.

*Mahasiswa anu NIM na 1000473 , kelas 4-C





Diposting oleh Rina Tesya Anggraeni di 18.03
Kirimkan Ini lewat Email BlogThis! Bagikan ke X Berbagi ke Facebook

0 komentar:

Posting Komentar

Posting Lebih Baru Posting Lama
Langganan: Posting Komentar (Atom)
@ 2011 Rina Tesya Anggraeni; Many thanks to: Blogger Templates / blog Design Company / SEO / free template Blog