Rina Tesya Anggraeni

Pages

  • Beranda

Blog Archive

  • ▼  2012 (13)
    • ►  April (2)
    • ▼  Maret (8)
      • Ngaran Patempatan dina Basa Sunda
      • MONOLOG PADA KRITIK SASTRA
      • Sejarah Valentine Days.
      • Standar Isi 2006 Pangajaran Basa Sunda SMA
      • Artikel :)
      • Tulisan Jurnalistik
      • BIANTARA SAMBUTAN DINA MILANGKALA
      • Kawih Rumaja
    • ►  Januari (3)
  • ►  2011 (3)
    • ►  Oktober (1)
    • ►  September (2)

About Me

Foto Saya
Rina Tesya Anggraeni
Bandung, Jawa Barat, Indonesia
Mahasiswa Universitas Pendidika Indonesia 2010
Lihat profil lengkapku

Followers

Senin, 26 Maret 2012

Artikel :)


Ngajaga Lingkungan, Tanggungjawab Saréréa

Lingkungan nya éta sagala hal anu aya di sabudeureun manusa anu bakal mangaruhan kana kamekaran kahirupanana, boh sacara langsung boh henteu langsung. Lingkungan bisa dibédakeun jadi dua, nya éta lingkungan biotik jeung lingkungan abiotik. Lingkungan biotik sok disebut ogé lingkungan sosial, ieu lingkungan bakal ngawangun paripolah hiji jalma nu aya dina kapribadianana. Lamun lingkungan abiotik mah ngawengku hawa, cai, taneuh, jeung sagala wangun barang anu teu nyawaan.
Jadi, naon atuh masalahna? Kiwari anu jadi masalah téh nya éta kotorna lingkungan, anu sabagian badagna dibalukarkeun ku manusana sorangan. Upamana waé kotorna perairan jeung kotorna daratan. Alam ngabogaan kamampuan pikeun ngabalikeun deui kaayaan cai anu geus kotor ku cara purifikasi ngaliwatan permukaan taneuh, keusik, batu, jeung mikro organisme anu aya di sabudeureunana. Tapi kotorna jeung rusakna lingkungan anu loba dibalukarkeun ku manusa sacara terus-terusan, bakal ngajadikeun alam moal bisa balik deui kana kaayaan asalna. Alam bakal kaleungitan kamampuanana pikeun memurnikan. Runtah jeung zat, saperti palastik, deterjen, jeung nu lainna anu ngarusak kana lingkungan, bakal leuwih ngajadikeun lingkungan kotor unggal poéna téh. Sakapeung mah, masalah runtah téh sok dianggap sepélé. Runtah nya éta sésa-sésa barang anu geus teu kapaké deui. Runtah ogé aya dua rupa, nya éta runtah organik  jeung runtah anorganik. Runtah organik nya éta runtah anu asalna tina zat-zat organik jeung bisa diuraikeun, saperti daun, kertas, jrrd. Sedengkeun runtah anorganik nya éta runtah anu asalna tina barang-barang anu teu bisa diuraikeun, saperti palastik, kaléng, jrrd. Pikeun ngurangan kotorna lingkungan anu dibalukarkeun ku runtah, urang kudu bisa misahkeun mana runtah organik jeung mana runtah anorganik, nepi ka bisa ngolah deui éta runtah. Tujuanana misah-misahkeun runtah téh nya éta pikeun ngababarikeun dina ngolah runtahna. Runtah anorganik bisa diolah deui jadi barang-barang lainna anu bisa mangpaat deui, sabab runtah anorganik mah moal ngalaman proses membusuk. Lamun runtah organik mah bisa diolah jadi pupuk kompos, anu bakal mangpaat pikeun tutuwuhan.
Tangtuna waé urang geus apal mana nu bakal mangpaat keur urang jeung mana nu bakal ngabalukarkeun karugian keur urang tina lingkungan. Lamun lingkungan dijaga jeung tiap jalmana sorangan ngabogaan kasadaran, yén lingkungan téh penting pikeun lumangsungna kahirupan ayeuna jeung engké, tangtuna waé masalah lingkungan téh bakal bisa bérés.

Diposting oleh Rina Tesya Anggraeni di 18.08
Kirimkan Ini lewat Email BlogThis! Bagikan ke X Berbagi ke Facebook

0 komentar:

Posting Komentar

Posting Lebih Baru Posting Lama
Langganan: Posting Komentar (Atom)
@ 2011 Rina Tesya Anggraeni; Many thanks to: Blogger Templates / blog Design Company / SEO / free template Blog