Rabu, 25 Januari 2012
Hasil Nulis 4 (Teori Nulis)
“Internet pikeun Pelajar ”
Internet (Interconnection Network) anu hartina nya éta hubungan antar jaringan komputer.
Manpaat internet, tangtu waé aya anu positif jeung aya ogé anu negatifna. Diantarana nya éta:
1. Manpaat positif internet:
· Ngabiasakeun pelajar maén komputer jeung néangan informasi-informasi anu leuwih jembar deui;
· Salaku bahan tambahan, pikeun bahan diajar anu can ka bikeun di sakola;
· Ngajembaran pangaweruh, boh lokal boh global;
· Sarana komunikasi.
2. Manpaat negatif internet:
· Pornografi
· Terus-terusan maén game online
· Katagihan jejaring sosial (facebook, twitter, kaskus, yahoo, jrrd)
· Perjudian online
· Penipuan online.
Sakabéh manpaat positif jeung negatif éta téh, balik deui ka urangna salaku nu maké internet. Henteu ngan ukur dikalangan budak SMP atawa SMA hungkul. Di lingkungan kampus ogé, anu pelajarna téh disebut mahasiswa, geus ilahar internet téh. Komo mahasiswa jaman kiwari mah, ampir sakabéh mahasiswa mawa leptop ka kampusna. Da ayeuna mah atuh, dina fitur-fitur handphone ogé geus maraké layanan internet. Jadi, internet teu bisa lepas tina kahirupan sapopoé. Ayeuna mah mun hudang saré ogé langsung muka internet, da rék update status dina facebook atawa dina twitterna. Komo ayeuna mah, téknologi ogé geus ngadukung pisan kana kamekaran jaman. Canggihna téknologi smartphone, gadget, jeung nu séjénna geus ngajadikeun internet téh gampang diaksésna. Komo ayeuna mah, da di unggal imah téh geus loba nu masang jaringan internet. Salah sahiji jaringan internet, aya dina modem. Anu ngamungkinkeun nu bogana, bisa maké internet dimana waé. Da bentuk modem anu bisa dibabawa kamana-mana. Salian ti éta ogé, ayeuna mah di tempat-tempat anu umum ogé marasang jaringan internet. Jadi, urang bisa ogé hot spotan dimana-dimana.
Internet geus nyieun kahirupan urang jadi serba praktis jeung serba instan ogé. Contona, mun urang aya tugas naon-naon ogé teu kudu néangan atawa boga bukuna, da kabéh bahan jeung sumberna geus aya dina internet. Tinggal urang daék néanganana wé.
Canggihna téknologi jeung ayana internet, kudu bisa dimanpaatkeun ku urang saalus-alusna. Tong nepikeun ka internet jeung canggihna teknologi ayeuna ngajadikeun urang generasi penerus anu bodo jeung kajarumus kana hal-hal anu negatif.
tanggal 29 oktober 2011
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
0 komentar:
Posting Komentar