Rabu, 25 Januari 2012
Hasil Nulis 3 (Teori Nulis)
“Resufle Kabinet”
Kurang puasna masarakat kana kinerja “Kabinet Indonesia Bersatu Jilid 2” nyebabkeun masarakat ngadesak pamarèntah, hususna ka prèsidèn Susilo Bambang Yudhoyono jeung wakil prèsidèn Budiono pikeun ngaganti susunan kabinètna. Hal ieu, tangtu jadi kritik pikeun SBY jeung Budiono sorangan. Ayana hal ieu ditanggapan positif ku prèsidèn jeung wakil prèsidèn, tapi prèsidèn jeung wakil prèsidèn ogè acan bisa mastikeun yèn saha-saha waè anu bakal diganti tèh, da prèsidèn ogè kudu ngamusyawarahkeun heula jeung wakil prèsidèn, henteu bisa nyokot kaputusan sorangan.
Menteri-menteri saha waè anu engkèna bakal diganti, èta siap teu siap kudu narimakeun kana sagala kaputusan prèsidèn jeung wakil prèsidèn na. Da kaputusan èta geus mangrupakeun hak na prèsidèn jeung wakil prèsidèn anu geus mutlak. Dina hal ieu, kaputusan prèsidèn jeung wakil prèsidèn tangtu bakal jadi kaputusan anu ditungguan pisan ku sakabèh masarakat. Komo masarakat anu teu apal naon-naon soal pamarèntahan jeung politik mah.
Tanggal 14 Oktober 2011, prèsidèn Susilo Bambang Yudhoyono, manggil sababaraha ngaran anu kamungkinan engkèna bakal ngaganti Menteri-menteri nu samèmèhna. Dina kabèh ngaran-ngaran èta, aya ngaran Aburizal Bakri anu mangrupakeun Ketua Umum Golongan Karya (Golkar). Padahal anu dipikanyaho ku kabèh, Aburizal Bakri mangrupa sosok politikus anu sok kritis nanggepan sakabèh kawijakan anu dikaluarkeun ku masa pamarèntahan Susilo Bambang Yudhoyono-Boediono.
Ku ayana rencana “Resufle Kabinet” ieu, diharapkeun yèn sakabèh kinerja menteri-menteri bisa leuwih maksimal deui jeung bisa leuwih maham kana naon anu keur dibutuhkeun ku masarakat, jeung maham kana naon kaayaan masarakat ayeuna. “Resufle Kabinet” ieu tèh, da dina “Kabinet Indonesia Bersatu 1” ogè, geus pernah dilakukeun ku Susilo Bambang Yudhoyono-Boediono dina masa pamarèntahan anu periode samèmèhna. Nu jadi pertanyaan masarakat mah, naha “Resufle Kabinet” ieu tèh bisa katinggali hasilna atawa henteu. Da nu dipikabutuh ku masarakat mah, lain ngan ukur jangji atawa hal-hal anu ngan saukur rencana hungkul, tapi hal anu nyata/kongkritna.
Susilo Bambang Yudhoyono ngajabat jadi prèsidèn tèh, dua kali masa pamarèntahan. Ari dina masa pamarèntahan nu mimiti mah, Susilo Bambang Yudhoyono tèh pasanganana jeung Jusuf kalla. Tapi dina masa pamarèntahan nu kadua mah, Susilo Bambang Yudhoyono tèh pasanganana Boediono. Sabab Jusuf Kalla, dina waktu èta mah nyalonkeun diri ogè jadi prèsidèn.
Gunta-ganti partner atawa ngajak jalma anu bisa diajak gawè bareng dina mingpin nagara ieu, tangtu waè èta geus jadi hal anu biasa keur pamarèntahan Susilo Bambang Yudhoyono mah. Tapi, nu penting keur masarakat mah: “rèk saha waè anu mingpin nagara ieu, mudah-mudahan bisa ngasejahterakeun rahayat, jujur, adil, jeung beresih tina naon-naon sikep anu kotor”.
Sumber: Redaksi Trans7, tanggal 14 Oktober 2011
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
0 komentar:
Posting Komentar