Rina Tesya Anggraeni

Pages

  • Beranda

Blog Archive

  • ▼  2012 (13)
    • ►  April (2)
    • ►  Maret (8)
    • ▼  Januari (3)
      • Karangan
      • Hasil Nulis 4 (Teori Nulis)
      • Hasil Nulis 3 (Teori Nulis)
  • ►  2011 (3)
    • ►  Oktober (1)
    • ►  September (2)

About Me

Foto Saya
Rina Tesya Anggraeni
Bandung, Jawa Barat, Indonesia
Mahasiswa Universitas Pendidika Indonesia 2010
Lihat profil lengkapku

Followers

Rabu, 25 Januari 2012

Karangan


KATRESNA.. KADEUDEUH..
Ku *Rina Tesya Anggraeni*
            Mun ngabahas soal katresna, jeung kadeudeuh tangtu waé kuring langsung inget kana kisah jeung kajadian anu kaalaman ku kuring. Kajadian anu moal pernah poho nepi ka iraha-iraha ogé. Kajadian anu geus ngajadikeun kuring kuat jeung leuwih dewasa deui. Kajadian anu bakal ngajadikeun kuring ihlas jeung leuwih ihlas deui dina nyanghareupan tiap-tiap masalah anu aya dina kahirupan. Da rizki, pati, cilaka, bagja, jodo, éta kabéh geus ditangtukeun ku Alloh SWT. Ngan nasib hungkul anu bisa dirobah mah, gumantung ka hambana sorangan. Naha daék ikhtiar, usaha, jeung ngadu’a.
Nginget kajadian 85 poé katukang, kajadian dimana kuring diajar ikhlas, sabar, jeung yakin yén sagala mahluk anu nyawaan pasti bakal ngalaman maot. Tanggal 1 Agustus 2011, pas pisan jeung mimiti bulan puasa di taun ieu, bulan anu dianti-anti ku sakabéh umat islam sadunia, anjeunna ninggalkeun sakabéh jalma anu nyaah jeung anu tresna ka manéhna. Tanggal anu bakal terus diinget ku kuring jeung ku kulawargana.
            Tanggal 29 Maret 2011, kuring jeung anjeunna geus ngiket jangji dina hiji hubungan. Urang duaan ngajalani hubungan ieu téh jarak jauh. Kuring anu kuliah di salah sahiji paguron luhur negeri nu aya di Bandung, sedengkeun anjeunna kuliah di salah sahiji paguron luhur swasta anu aya di Bandung ogé. Kuring anu entragan 2010, jeung ajeunna anu entragan 2008 tangtu waé kasibukan urang duaan béda pisan. Jadi, hésé pisan néangan waktu anu pas téh pikeun papanggihna. Sabulan mimiti mah, urang ngajalanan ieu téh lancar. Malahan mah, kolot urang duaan geus ngarestuan jeung ngarésponna ogé saluyu jeung anu ku urang diharepkeun. Sanajan lancar, tapi angger wé salah paham mah so kaya. Boh tina masalah sms, telepon, atawa masalah anu aya pakuat-pakaitna jeung jejaring-jejaring sosial anu dipiboga ku urang duaan. Da dasarna ogé urang duaan mah saling percaya wé, da sarua geus dewasa atuh. Jadi geus bisa silih dipercaya, jeung geus apal mana hal anu alus jeung mana hal anu goréng mun dilakukeun téh.
            Abus kana bulan kadua urang duaan ngarasa leuwih deket jeung leuwih cocok deui. Mun aya masalah, paling ngan masalah nu leutik hungkul. Da mun aya nanaon ogé pasti langsung diomongkeun atawa langsung dibéréskeun harita kénéh. Anjeunna anu jurusan kadokteran, tangtu leuwih loba ngingetan jeung leuwih loba méré tips ngeunaan kasehatan. Da kuring anu boga panyakit dina Lambung, tangtu waé lamun dipariksa atawa indit keur check up téh, ayeuna mah henteu kudu jeung kolot waé da geus aya anjeunna anu siap ngalaporkeun naon-naonna ka kolot kuring. Sanajan anjeunna acan face to face jeung kolot kuring, tapi boh anjeunna boh kolot kuring ogé geus silih percayakeun.
            Dina bulan katilu, anjeunna datang ka kolot kuring nu aya di Garut. Anjeunna nepikeun hayang bener-bener ka kuring, lain maksud rék naék kana tingkatan anu saterusna, tapi ngan hayang dina ngajalanan ieu téh aya du’a jeung aya dina restu nu jadi kolot. Abus kana bulan kaopat, tepatna tanggal 29 Juli urang duaan boga acara ngarayakeun opat bulanan hubungan ieu. Da tiap bulan ogé urang duaan pasti ngarayakeunana. Ngan di bulan nu kaopat ieu mah, anjeunna aya acara heula di kampusna. Terus mun atos bérés acarana, langsung ngajemput ka imah kuring anu aya di daérah Gegerkalong. Da acarana rék ka imah anjeunna nu aya di daérah Dago, da kolot anjeunna hayang papanggih jeung ngobrol-ngobrol deui jeung kuring cenah da geus lila teu panggih téa.
            Jam lima soré, anjeunna geus ngajemput kuring. Terus urang duaan langsung indit wé, da sieun kaburu maghrib di jalan. Pas nepi ka imahna, enya wé geus maghrib. Kuring jeung kabéh kulawargana ngalaksanakeun sholat maghrib berjama’ah.  Sanggeus sholat, tuluy makan bersama bari ngobrol-ngobrol soal urang duaan. Pas jam dalapan peuting, anjeunna nganterkeun deui kuring balik ka imah. Geus nepi ka imah kuring, anjeunna henteu langsung balik. Tapi ngobrol-ngobrol heula sanajan teu lila. Jam salapan peuting, anjeunna balik wéh. Pas anjeunna balik, kuring teu boga firasat naon-naon. Malahan mah, ti mimiti gé euweuh rasa kateugenahan haté anu kumaha-kumaha, kabéhanana lancar-lancar waé. Tapi, pas jam satengah sapuluh peuting, kuring narima telepon ti kulawargana yén anjeunna ngalaman kacilakaan dijalan, jeung ayeuna aya di salah sahiji Rumah Sakit di daérah Ciumbuleuit. Anjeunna nabrak pembatas jalan di daérah Dago. Duka kumaha kronologis kajadian anu jelasna mah, padahal mah anjeunna mun kana motorna gé sok ati-ati pisan, tara ngebut, jeung kalengkepan berkendarana ogé lengkep. Ngan anu pastina mah ieu geus jadi rusiah jeung takdir anu Maha Kawasa.
            Sanggeus narima telepon éta, kuring langsung indit ka Rumah Sakit dimana anjeunna dirawat. Kuring indit dianterkeun ku dulur lalaki anu aya di imah, dulur anu sok nganter-ngenterkeun kuring mun kamana-kamana ogé. Sanggeus di Rumah Sakit, kuring ngan ceurik jeung ceurik. Geus teu inget nanaon deui. Nu aya dina pikiran téh, naha anjeunna beut nganterkeun kuring. Padahal mah mun kuring balik sorangan, tangtu waé kajadian ieu moal kajadian. Tapi, kulawargana ogé heunteu nyalahkeun kuring atawa henteu nganaha-naha. Da ieu mah geus mangrupakeun takdir ti Gusti Nu Maha Suci.
            Kuring di Rumah Sakit, nepi ka jam genep isuk-isuk. Tuluy kuring balik heula. Kaayaan anjeunna acan sadar-sadar waé. Padahal mah, da kacilakaanana ogé teu parah-parah teuing. Jam salapan beurang, kuring balik deui ka Rumah sakit. Angger, acan sadar kénéh waé. Jam sabelas beurang, anjeunna kakara sadar. Pas sadar téh, langsung ménta dahar jeung hayang dihuapan ku kuring. Sanggeus dihuapan, kuring jeung anjeunna ngobrol terus heureuy ogé. Nu pang diinget tina heureuyna nya éta:
Sayang.. kamu suka naik kereta api yaa ?
Koq tau ?
Iyaa.. karena kamu telah menggujes-gujes hati aku ..
Hahaaa J
            Heureuy anu moal pernah dipohokeun nepi ka iraha-iraha ogé. Nepikeun ka jam tilu soré, kuring jeung anjeunna ngobrol sagala rupa téh. Da anjeunna kudu istirahat deui. Nu henteu bisa dipohokeun tina omongan anjeunna, nya éta pas anjeunna  ngomong kieu: “Iyongg (sebutan kanyaah pikeun kuring ti anjeunna) .. Kalo egy gak ada, jaga diri baik-baik yah. Mesti sukses dan lancar kuliahnya, mesti jadi  kakak yang baik buat adik iyongg yang masih kecil, terus mesti jadi kebanggaaan buat orang tua iyongg juga. Egy selalu sayang iyongg.. (bari méré hadiah anu eusina kalung nu aya ngaran urang duaan) ”  Tidinya mah, cai panon ogé geus teu kabendung deui. Kuring sieun, anjeunna kunanaon atawa kuring sieun jeung henteu siap mun kudu kaleungitan anjeunna.
            Jam lima soré kuring balik deui ka imah, da aya sababaraha hal anu kudu dibéréskeun ogé, jeung deuih aya tugas kuliah anu kudu dikumpulkeun isukanana. Jam tujuh peuting, anjeunna nelepon ka kuring. Kuring reuwas jeung ngarasa teu percaya ogé. Da kuring apal yén anjeunna keur aya di Rumah Sakit. Pas telepon éta diangkat, enya wé anjeunna nu nelepon téh. Anjeunna apal yén kuring naha henteu aya di Rumah Sakit téh, kunaon sababna. Anjeunna nelepon ka kuring téh salila 01:49:09, pas anjeunna nelepon téh anjeunna ménta kuring sabar jeung ihlas kana naon-naon anu bakal kajadian kahareupna. Tiap kuring ngadangu sora anjeunna, pasti cai panon kuring téh, teu bisa dibendung deui. Kuring ngarasa, naha kajadian ieu beut asa téréh. Pas jam sapuluh peuting, kuring saré. Tapi jam tilu subuh, kuring narima telepon ti kulawargana yén anjeunna tos ngantunkeun sadayana. Tidinya mah, kuring ngocéak jeung ngagorowok, nepikeun ka sakabéh jalma anu aya diimah ogé harudang. Kuring henteu langsung indit ka Rumah Sakit, da kaayaan kuringna ogé acan stabil deui. Kuring ogé langsung ngabéjaan ka kolot kuring soal hal ieu téh. Sanggeus sholat subuh, kuring langsung indit ka imah anjeunna, da anjeunna geus dibawa ka imahna jeung geus henteu di Rumah Sakit deui. Sakitar jam satengah genep, kuring langsung nangkeup anjeunna anu gues maké lawon bodas, bari ceurik balihlihan. Indung anjeunna méré surat anu sempet ditulis ku anjeunna keur kuring. Eusi suratna, anu nguatkeun jeung anu ngaihlaskeun kuring nepi ka ayeuna soal anjeunna.
            Tanggal 1 Agustus 2011 jam sabelas beurang, anjeunna dikuburkeun di tanah milik kulawargana di daérah Dago. Kolot kuring anu datang kadieu ogé, teu bisa nahan cai panonna. Kuring jeung kabéhanana ceurik téh, lain ku teu ihlasna. Tapi ngarasa kaleungitan pisan. Komo kuring mah, anu salila opat bulan ieu jadi bagéan tina kahirupanana. Harita mah kuring ngarasa, naha ieu kabéh téh beut teu adil pikeun kuring. Nepi ka katujuhna mah, anjeunna sok aya waé dina ngimpi kuring. Da nepi ka katujuhna mah, kuring masih kénéh rada teu ihlas, jeung terus-terusan ceurik waé. Tapi geus liwat ti tujuhna mah, kuring ogé geus bener-bener ihlas jeung ridho pisan kana sagala kajadian-kajadian ieu.
            Ayeuna, poé ka 85 anjeunna ninggalkeun alam dunya ieu. Salila ieu, kuring ngarasa sieun lamun tiap ninggali motor anu satype jeung anjeunna téh. Komo lamun ngaliwat ka daérah Dago mah, kuring sok ngarasa yén anjeunna téh aya kénéh didieu. Ayeuna mah, mikir-mikir deui rék ngajalin hubungan jeung saha-saha téh. Masih kénéh trauma jeung acan siap wé haténa.
            Ayeuna mah kuring jeung anjeunna, geus béda alam. Kuring kudu bisa menata jeung neruskeun hirup kuring deui. Da tina sakabéh kajadian téh, éta pasti aya mangpaat jeung hikmahna anu bisa dicokot. Kajadian ieu, ngajadikeun kuring leuwih dewasa, leuwih sabar, leuwih ihlas, leuwih mikir logis, jeung leuwih siap deui kana nyanghareupan tiap-tiap masalah anu aya ayeuna jeung anu bakal disanghareupan kahareupna.
            Ayeuna mah, kolot anjeunna ogé geus nganggap asa ka budakna ka kuring téh. Da kolot anjeunna teu boga deui budak salian ti anjeunna mah. Ayeuna silaturahmi antara kuring jeung kolot anjeunna, atawa antara kolot kuring jeung kolot anjeunna, mangrupakeun silaturahmi kulawarga. Sanajan anjeunna geus ninggalkeun, tapi anjeunna bakal hirup terus dina haté urang saréréa.
            Carita ieu, mangrupakeun carita nyata anu kaalaman ku kuring. Kuring nulis carita ieu téh, ngan hayang ngabagi carita anu dialaman ku kuring. Carita anu moal kabéh jalma bakal ngalamanana. Meureun aya ogé sababaraha jalma anu kungsi ngalaman ogé  hal ieu, ngalaman ditinggalkeun salah saurang jalma anu dipikanyaah ku urang, ngalaman kumaha nyerina haté pas ditinggalkeun sacara ngadadak, kumaha cara ngamaknaan tiap-tiap kajadian nua aya dina kahirupan. Carita ieu ogé ngan hayang nepikeun, yén naon-naon anu kajadian dina kahirupan urang téh, éta mangrupakeun takdir jeung nu panghadé-hadéna pikeun urang dina ngajalanan kahirupan anu saterusna. Anging Alloh anu Maha Uninga kana naon-naon anu hadé pikeun hamba-Na.

Didédikasikeun keur Alm.Egy Insani Putra Wiraatmadja
Mahasiswa Angkatan 2008
Kedokteran, UNJANI Bandung





Cimahi, 25 Oktober 2011
*Kuring, Mahasiswa semester tilu, Pendidikan Bahasa Daerah, UPI*

Diposting oleh Rina Tesya Anggraeni di 20.51 0 komentar
Kirimkan Ini lewat Email BlogThis! Bagikan ke X Berbagi ke Facebook

Hasil Nulis 4 (Teori Nulis)


“Internet pikeun Pelajar ”
            Internet (Interconnection Network) anu hartina nya éta hubungan antar jaringan komputer.
Manpaat internet, tangtu waé aya anu positif jeung aya ogé anu negatifna. Diantarana nya éta:
1.      Manpaat positif internet:
·      Ngabiasakeun pelajar maén komputer jeung néangan informasi-informasi anu leuwih jembar deui;
·         Salaku bahan tambahan, pikeun bahan diajar anu can ka bikeun di sakola;
·         Ngajembaran pangaweruh, boh lokal boh global;
·         Sarana komunikasi.
2.      Manpaat negatif internet:
·         Pornografi
·         Terus-terusan maén game online
·         Katagihan jejaring sosial (facebook, twitter, kaskus, yahoo, jrrd)
·         Perjudian online
·         Penipuan online.
Sakabéh manpaat positif jeung negatif éta téh, balik deui ka urangna salaku nu maké internet. Henteu ngan ukur dikalangan budak SMP atawa SMA hungkul. Di lingkungan kampus ogé, anu pelajarna téh disebut mahasiswa, geus ilahar internet téh. Komo mahasiswa jaman kiwari mah, ampir sakabéh mahasiswa mawa leptop ka kampusna. Da ayeuna mah atuh, dina fitur-fitur handphone ogé geus maraké layanan internet. Jadi, internet teu bisa lepas tina kahirupan sapopoé. Ayeuna mah mun hudang saré ogé langsung muka internet, da rék update status dina facebook atawa dina twitterna. Komo ayeuna mah, téknologi ogé geus ngadukung pisan kana kamekaran jaman. Canggihna  téknologi smartphone, gadget, jeung nu séjénna geus ngajadikeun internet téh gampang diaksésna. Komo ayeuna mah, da di unggal imah téh geus loba nu masang jaringan internet. Salah sahiji jaringan internet, aya dina modem. Anu ngamungkinkeun nu bogana, bisa maké internet dimana waé. Da bentuk modem anu bisa dibabawa kamana-mana. Salian ti éta ogé, ayeuna mah di tempat-tempat anu umum ogé marasang jaringan internet. Jadi, urang bisa ogé hot spotan dimana-dimana.
Internet geus nyieun kahirupan urang jadi serba praktis jeung serba instan ogé. Contona, mun urang aya tugas naon-naon ogé teu kudu néangan atawa boga bukuna, da kabéh bahan jeung sumberna geus aya dina internet. Tinggal urang daék néanganana wé.
Canggihna téknologi jeung ayana internet, kudu bisa dimanpaatkeun ku urang saalus-alusna. Tong nepikeun ka internet jeung canggihna teknologi ayeuna ngajadikeun urang generasi penerus anu bodo jeung kajarumus kana hal-hal anu negatif.
Sumber: http://id.wikipedia.org/wiki/manfaat internet,
www.google.co.id
 tanggal 29 oktober 2011

Diposting oleh Rina Tesya Anggraeni di 20.42 0 komentar
Kirimkan Ini lewat Email BlogThis! Bagikan ke X Berbagi ke Facebook

Hasil Nulis 3 (Teori Nulis)


“Resufle Kabinet”
            Kurang puasna masarakat kana kinerja “Kabinet Indonesia Bersatu Jilid 2” nyebabkeun masarakat ngadesak pamarèntah, hususna ka prèsidèn Susilo Bambang Yudhoyono jeung wakil prèsidèn Budiono pikeun ngaganti susunan kabinètna. Hal ieu, tangtu jadi kritik pikeun SBY jeung Budiono sorangan. Ayana hal ieu ditanggapan positif ku prèsidèn jeung wakil prèsidèn, tapi prèsidèn jeung wakil prèsidèn ogè acan bisa mastikeun yèn saha-saha waè anu bakal diganti tèh, da prèsidèn ogè kudu ngamusyawarahkeun heula jeung wakil prèsidèn, henteu bisa nyokot kaputusan sorangan.
            Menteri-menteri saha waè anu engkèna bakal diganti, èta siap teu siap kudu narimakeun kana sagala kaputusan prèsidèn jeung wakil prèsidèn na. Da kaputusan èta geus mangrupakeun hak na prèsidèn jeung wakil prèsidèn anu geus mutlak. Dina hal ieu, kaputusan prèsidèn jeung wakil prèsidèn tangtu bakal jadi kaputusan anu ditungguan pisan ku sakabèh masarakat. Komo masarakat anu teu apal naon-naon soal pamarèntahan jeung politik mah.
            Tanggal 14 Oktober 2011, prèsidèn Susilo Bambang Yudhoyono, manggil sababaraha ngaran anu kamungkinan engkèna bakal ngaganti Menteri-menteri nu samèmèhna. Dina kabèh ngaran-ngaran èta, aya ngaran Aburizal Bakri anu mangrupakeun Ketua Umum Golongan Karya (Golkar). Padahal anu dipikanyaho ku kabèh, Aburizal Bakri mangrupa sosok politikus anu sok kritis nanggepan sakabèh kawijakan anu dikaluarkeun ku masa pamarèntahan Susilo Bambang Yudhoyono-Boediono.
            Ku ayana rencana “Resufle Kabinet” ieu, diharapkeun yèn sakabèh kinerja menteri-menteri bisa leuwih maksimal deui jeung bisa leuwih maham kana naon anu keur dibutuhkeun ku masarakat, jeung maham kana naon kaayaan masarakat ayeuna. “Resufle Kabinet” ieu tèh, da dina “Kabinet Indonesia Bersatu 1” ogè, geus pernah dilakukeun ku Susilo Bambang Yudhoyono-Boediono dina masa pamarèntahan anu periode samèmèhna. Nu jadi pertanyaan masarakat mah, naha “Resufle Kabinet” ieu tèh bisa katinggali hasilna atawa henteu. Da nu dipikabutuh ku masarakat mah, lain ngan ukur jangji atawa hal-hal anu ngan saukur rencana hungkul, tapi hal anu nyata/kongkritna.
            Susilo Bambang Yudhoyono ngajabat jadi prèsidèn tèh, dua kali masa pamarèntahan. Ari dina masa pamarèntahan nu mimiti mah, Susilo Bambang Yudhoyono tèh pasanganana jeung Jusuf kalla. Tapi dina masa pamarèntahan nu kadua mah, Susilo Bambang Yudhoyono tèh pasanganana Boediono. Sabab Jusuf Kalla, dina waktu èta mah nyalonkeun diri ogè jadi prèsidèn.
            Gunta-ganti partner atawa ngajak jalma anu bisa diajak gawè bareng dina mingpin nagara ieu, tangtu waè èta geus jadi hal anu biasa keur pamarèntahan Susilo Bambang Yudhoyono mah. Tapi, nu penting keur masarakat mah: “rèk saha waè anu mingpin nagara ieu, mudah-mudahan bisa ngasejahterakeun rahayat, jujur, adil, jeung beresih tina naon-naon sikep anu kotor”.
Sumber: Redaksi Trans7, tanggal 14 Oktober 2011  

Diposting oleh Rina Tesya Anggraeni di 20.35 0 komentar
Kirimkan Ini lewat Email BlogThis! Bagikan ke X Berbagi ke Facebook
Postingan Lebih Baru Postingan Lama
Langganan: Postingan (Atom)
@ 2011 Rina Tesya Anggraeni; Many thanks to: Blogger Templates / blog Design Company / SEO / free template Blog