Kamis, 29 September 2011
Pancen Teori Nulis (Hasil Nulis 1)
Tol Cipularang Oh Tol Cipularang
Sanajan lebaran jeung arus mudik ogè geus kaliwat, terus arus balik ogè geus bèrès. Tapi warta-warta jeung info-info anu aya dina sakabèh media ayeuna-ayeuna nya ètaa ngeunaan Tol Cipularang. Ieu jadi topik anu keur aktual pisan di sakabèh kalangan masarakat. Sabab ieu tèh ku ayana kajadian kacilakaan di KM 97 anu dialaman ku salah saurang artis, nu jadi korbanna tèh nya èta pamajikana sorangan. Sanggeus ayana kajadian èta, teu lila ti dinya aya deui kacilakaan di KM 93 nu dialaman ku mobil pariwisata. Ngutat tina warta nu aya dina salah sahiji Tv, nya èta: “ Tah ku ayana kacilakaan-kacilakaan èta, hal ieu ogè dikait-kaitkeun kana carita-carita mistis anu aya di KM 90-110. Ceuk kapercayaan jeung carita nu sumebar di kalangan masarakat didinya mah, nu nyebabkeun kacilakaan-kacilakaan èta tèh, teu lepas tina ayana “Gunung Hèjo”. Ceuk masarakat didinya mah, Gunung Hèjo mangrupakeun tempat pamujaan-pamujaan jeung tempat papanggihna para Wali dina jaman harita”. Tapi, henteu bisa kitu urang ogè, nyalahkeun kana ayana Gunung Hèjo èta. Da Gunung èta mah, ngan mangrupakeun bagèan tina alam nu kudu ku urang dijaga. Da nu pastina mah, sakabèh kajadian tèh geus jadi takdir jeung kakawasaan Alloh SWT. Da angger, balik deui ka urangna. Mun urangna ati-ati jeung sok waspada mah, urang ogè bakal salamet. Dina unggal kajadian, pasti aya hikmah nu bisa dicokot ku urang.
Dina tv, radio, koran, majalah, jeung media-media anu lainna, nyebutkeun yèn dina unggal arus mudik jeung arus balik lebaran ogè, kacilakaan jeung korbanna unggal taun tèh ningkat waè. Hal ieu ogè disebabkeun ku sababaraha faktor, diantarana kaayaan jalan anu kurang layak dipakè, jeung kurangna kawaspadaan ti nu marudikna ogè. Dina taun 2011 ieu, lolobana kacilakaan tèh di tol Cipularang, tol anu ngahubungkeun antara Bandung jeung Jakarta ieu tèh, geus loba “memakan korban”. Dicutat tina fakta anu ditepikeun ku salah sahiji saksi mata, nu nyebutkeun yèn “dina unggal kacilakaan di tol Cipularang tèh, rata-rata kajadianana di KM 90-110”. Tah ku ayana fakta ieu, lain maksud rèk nyingsieunan atawa ngajadikeun reuwas nu ngalaliwat di KM ieu. Ngan sangkan nu ngalaliwat tèh, leuwih ati-ati jeung leuwih waspada deui. Padahal mah, lamun dipikir ku logika da dimana-mana waè ogè mun geus waktuna cilaka mah, nya pasti cilaka atuh. Henteu ngaruh kana di tol mana urang ngaliwat, atawa di KM sabaraha urang ngaliwat. Ku lobana warta jeung bèja ngeunaan tol Cipularang ieu, pihak kapolisian jeung pihak jasa marga negeskeun yèn “Para pemudik dan para pengguna tol ini, tidak usah khawatir dengan semua isu dan berita yang beredar. Karena setiap kecelakaan itu kembali lagi kepada kitanya sendiri.”
Ku ayana sakabèh kajadian ieu, mugi tiasa jadi conto jeung ngajadikeun urang leuwih bijak nanggepan jeung ngajèn kana sagala rupa warta nu ditarima, jeung ngajadikeun urang leuwih waspada jeung ati-ati deui kana sagala kaayaan.
Sumber: Tina “Redaksi Trans7”
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
0 komentar:
Posting Komentar