Rina Tesya Anggraeni

Pages

  • Beranda

Blog Archive

  • ►  2012 (13)
    • ►  April (2)
    • ►  Maret (8)
    • ►  Januari (3)
  • ▼  2011 (3)
    • ▼  Oktober (1)
      • Hasil Nulis 2 (Tiori Nulis)
    • ►  September (2)
      • Carpon Kuswan
      • Pancen Teori Nulis (Hasil Nulis 1)

About Me

Foto Saya
Rina Tesya Anggraeni
Bandung, Jawa Barat, Indonesia
Mahasiswa Universitas Pendidika Indonesia 2010
Lihat profil lengkapku

Followers

Minggu, 09 Oktober 2011

Hasil Nulis 2 (Tiori Nulis)


Atikan
Jaman kiwari, atikan tèh kacida pentingna pisan. Kiwari, pamarèntah ogè netepkeun yèn sakabèh budak, jeung sakabèh warga nagarana kudu meunang atikan “Wajib diajar 9 taun”. Minimalna, generasi-generasi ayeuna mah kudu tamatan SMP. Jadi euweuh nu buta huruf jeung buta aksara tèh. Leuwih alus deui, lamun dituluykeun ka SMA mah, komo atuh lamun bisa nepi ka Paguron luhur jeung meunang titèl sarjana mah.
Tapi, da lain ku teu hayang sakabèh generasi anu ayeuna sakola nepi ka Paguron luhur tèh, ngan kitu tèa soal waragad jeung kaayaan èkonomi jaman kiwari anu sagala hèsè. Mun ceuk basa kasarna mah, “boro-boro keur nyakolakeun, keur dahar sapopoè ogè hèsè”.
Sanajan henteu sakabèh generasi anu ayeuna bisa ngarasakeun anu ngaranna atikan, tapi anu kudu dipikanyaho mah nya èta, yèn atikan tèh kacida pentingna pisan dina kahirupan. Atikan bisa nentukeun kahirupan urang kahareupna bakal kumaha jeung bakal jadi naon. Tapi atikan ogè, angger kudu bisa dikontrol. Atikan, ulah nepikeun ka ngajadikeun urang adigung.
Atikan, bakal ngajadikeun urang apal kana naon-naon anu asalna teu apal. Da dina atikan ogè, ngalatih sangkan urang bisa disiplin, bisa tuhu kana sagala aturan jeung bisa ngalatih sagala kahadèan. Urang bisa nentukeun kumaha sikap jeung tata krama nu hadè pikeun nu saluhureun, saentragan, jeung sahandapeun.
Atikan, aya anu formal jeung anu non formal. Atikan formal mah, contona: sakola-sakola, tapi lamun anu non formal mah, contona: kursus-kursus atawa naon-naon anu diajarkeun henteu di lembaga-lembaga pamarèntah.
Akibat tina atikan ogè rupa-rupa. Upamana, jalma anu miboga atikan jeung anu henteu. Èta bisa dibèdakeun jeung katinggali pisan bèdana ogè. Boh tina cara nyarita, cara mikir, jeung laku lampahna ogè. Tapi kadang-kadang, jalma anu miboga atikan leuwih luhur tèh sok digunakeun pikeun hal-hal anu kurang hade. Upamana waè, dipakè pikeun ngabobodo batur jeung dipakè pikeun ngabangga-banggakeun dirina. Atikan bakal mangpaat, lamun ku urang bisa diamalkeun ogè dina kahirupan sapopoè, jeung ku urang diamalkeun deui ka batur.


Diposting oleh Rina Tesya Anggraeni di 19.45 0 komentar
Kirimkan Ini lewat Email BlogThis! Bagikan ke X Berbagi ke Facebook
Kamis, 29 September 2011

Carpon Kuswan

Coél Leunca Atah Nini Arsah


"Kang, Nyai asa hayang dahar jeung coél leunca wungkul. Bosen dahar jeung daging baé.”
“Ah, naha kahayang téh bet anéh? Batur mah hayang dahar téh jeung daging, bosen jeung coél leunca terus.”  Prawira gagaro teu ateul ngadéngé kahayang  pamajikanna.
“Gugu wé atuh! Adatna nu hamil muda mah, keur ngidam éta téh. Pamali mun teu digugu matak ngacay waé budakna.”
“Ah, da kabéh budak leutik mah sok ngacay. Pantes wé da can aya huntuan.” Ceuk Prawira ngagerentes na haté. Henteu ari poksang diobrolkeun hareupeun mitohana mah. “Tadi ningali tina kaca jandéla mobil, aya ibu-ibu keur dahar jeung coél leunca hareupeun imah  nikmat pisan.”
“Enya atuh, naon héséna kari nitah ka pembantu atawa supir.” Prawira neundeun roko na asbak bari terus dipareuman. Haseup bodas nu tadi minuhan ruangan beuki nyingray katebak angin.
“Ngaladénan kahayang nu ngandeg alatan ngidam mah teu meunang ku batur, tapi kudu langsung ku salakina.”
Mitohana rada muncereng ka Prawira. Teu kosi ngomong nanaon deui Prawira ngojéngkang nyokot konci mobil.
“Duh kamana néangan leunca wayah kieu? Warung geus tarutup. Aya kahayang téh aya-aya waé. Kunaon atuh henteu tadi basa beurang kénéh?” Prawira kukulutus bari muka panto mobil.
“Geus beunghar hayang kénéh dahareun jalma miskin. Batur mah kahayang téh apel merah atawa buah-buah impor nu séjén. Duh kamana néangananya?” Prawira masih can eureun kukulutus. Wanci geus mimiti maju kapeutingnakeun. Keur ukuran lembur di rada pasisian mah geus meujeuhna salaré barudak. Arloji mahal meunang pangmeulikeun babaturanna ti luar negeri  nu ngajembléng na leungeun kénca Prawira nunjukeun jam satengah salapan. Jangkrik silih patémbalan jeung bangkong sawah nu kahujanan basa saréupna tadi.
Prawira ngajalankeun mobil geus aya kana sapuluh kilométerna, barang nu ditéangan masih can kapanggih. Toko nu nu dituju téh kabeneran tutup. Prawira muter arah rék mulang deui.
“Duh pasti hanjelueun pisan pamajikan téh lamun teu meunang.”
Prawira ngalaunkeun mobil di hareupeun warung kopi. Kaciri aya tulisan “Sedia Karedok Leunca & Soto.”
Dina émpéranna kaciri aya sabaraha urang warga nu keur maraén gapléh. Reg mobil eureun. Nu keur maraén kartu gapleh eureun sakeudeung ningali mobil nu ngarandeg,  tuluy jarongjon deui gapléh. Sora kartu nu ting jareplak nyorang palupuh awi patémbalan jeung sora musik dangdut tina radio nu sorana geus rada sembér.
“Géngsi ah lamun barang beuli di tempat nu kieu. Piraku jalma beunghar asup ka warung kopi leutik.” Prawira teu jadi maéhan mesin mobil.
“Urusan ka pamajikan mah kumaha engké.” Prawira ngahuleng mikir néangan alesan.
Gerbang imah Prawira geus katingali kasorot ku lampu mobil. Karék ge rék mencét klakson ménta pangmukakeun gerbang, HP-na nyora aya SMS : “Kang, kadé sing meunang leunca téh !”
“Beu..piraku paséa lantaran leunca…” Prawira muter stir deui nuju ka warung kopi nu tadi.
Teu kacatur lila di jalan, Prawira geus tepi.
“Pa, naha tadi teu janten mung lirén sakedap?” Salah saurang nu keur gapléh nanya.
“Teu kunanaon.” Prawira ngabéléhém rada kaéraan, terus nyampeurkeun nu boga warung.
“Peryogi naon Pa?” Nu boga warung daréhdéh.
“Aya kénéh leunca atah, Mang?”
“Aduh kaleresan dinten ieu mah teu icalan karédok leunca da pun bojo nuju kirang séhat. Sanés tadi Bapa téh nu lirén sakedap payuneun warung téa? Tah pami lungsur mah aya samangkokeun deui mah. Éta ge leunca pamasihan tukang sayur, Ki Sajum. Leunca sésa nu teu pajeng rupina mah. Tah tadi pas Bapa mangkat téh aya tatanggi nu nyuhunkeun. Janten wé ayeuna teu gaduh leunca sapanon-panon acan.” Nu boga warung nerangkeun panjang lébar.
Prawira geus rék ambek tadina mah ngadéngé dongéng nu sakitu panjangna nu padahal mah lain jawaban nu dipiharep, tapi sadar diri da manéhanana sorangan nu salah.
“Mang, cing tulungan kuring lah! Kira-kira saha nu bogaeun kénéh leunca atah?”
“Kanggo naon atuh wengi-wengi kieu? Pami kanggo réncang sangu wayah kieu mah asa kirang enak da peuheur atuh leunca atah mah, Pa.”
“Ah pokona mah perlu pisan. Tapi da kumaha deui ari teu boga mah moal maksa.” Prawira ngaléos bari rada jamedud. Nu boga warung olohok ngembang kadu.
“Pa, antos sakedap!” Nu boga warung ujug-ujug ngagero. Prawira nyileuk.
“Pami peryogi pisan mah cobi ka Nini Arsah. Aya bumi panggung payuneun tajug. Kirang langkung dalapan kilo lah ti dieu mah. Biasana anjeunna mah sok gaduh pelak di buruanna.”
Prawira nyileuk bari teu némbal nanaon terus buru-buru asup deui kana mobil.
“Euh… ari nu beunghar ditulungan ku jalma cacah kuricakan meuni teu nuhun-nuhun acan.” Nu boga warung ngagerentes na haténa bari nyokot gebyog warung rék tutup.
Prawira atoh semu bingung. Atohna barang nu keur ditétéangan téh aya harepan kapanggih, sedengkeun bingungna manéhanana ngarasa géngsi mun asup ka imah réyod bari rék ngadon ménta tulung. Saumur hirup di kota manéhanana teu apal ka tatangga. Budaya ti béh dayeuh nu saperti kitu teh kabawa. Sanajan geus rék sataun pindah ka béh pasisian manéhna can loba nu wanoh ka tatangga sabudeureun imahna, sok komo deui rék ngadon ménta tulung. Prawira gé apal ka lelebahan imah Nini Arsah téh da sabenerna mah teu jauh ti imahna, kira-kira ukur 500 metéran.
Teu lila Prawira nepi ka tempat nu dituju. Prawira turun tina mobil, terus ngarandeg sakejapan. Kaciri di buruan téh aya tangkal sampeu nu pucukna tapak tas dipetik. Daun nu karolotna katingali baseuh ku cai hujan jeung ibun.
“Nini, sora aya mobil eureun hareupeun imah. Cing tempo ka hareup!” Hawar-hawar kadéngé sora aki-aki ti jero tas kebésékan.
Panto muka, kadéngé sora si Aki keur nyuruput cai téh panas bangun nu tas kapiselek.
“Euleuh-euleuh geuning aya Dén Prawira. Mangga atuh ka lebet! Aya pikersaeun naon atuh wengi-wengi kersa rurumpaheun ka saung réyod kieu?” Nini Arsah ngabagéakeun.
“Ah Ni, di dieu wé da moal lila. Ni, aya kénéh leunca atah?”
“Leunca atah? Lebet wé heula atuh! Hawatos, tiris! Da kedah ngoréhan heula di pawon.”
Prawira asup, Ni Arsah mah ngaléos ka dapur. Imah panggung karasa ngarieg katincak ku pangawakan Prawira nu jangkung badag. Di tengah imah kaciri si Aki keur nyanghareupan boboko sangu, leunca atah sapiring, sambel tarasi jeung goréng témpé sakeuruet deui.
“Aéh-aéh Dén Prawira dadanguan téh milari leunca atah? Eh dugi ka hilap. Dén, ngiring tuang atuh! Nini, mawa piring ka dieu keur Dén Prawira!” Si Aki nawaran dahar bari rada ngélémés éraeun nawaran dahar jeung leunca sasat ka jalma jugala.
“Moal Ki. Enya puguh butuh pisan.”
“Kanggo naon atuh wanci kieu milari leunca atah.”
“Ah itu Nyonya keur hamil muda, ngidam hayang dahar jeung coél leunca atah. Ki, naha kakara dahar wayah kieu?” Prawira ngalihkeun topik embung ngabahas soal ngidam coél leunca.
“Kaleresan dinten ieu mah ngider sayuran téh dugi ka Magrib. Sayuran satanggungan téh teu laku sadaya jaba seueur nu nganjuk. Kenging artos sakiloeun béas, samara, sareng témpé sabungkus gé meuni maksa. Artos téh dibalanjakeun wé sadaya ka warung si Juma. Tah pami wengi kieu mah warung si Juma téh sok jadi warung kopi. Tos balanja téh, breg hujan janten wé si Nini masakna kawengian da Akina ngantosan raat hujan heula.”
“Euleuh geuning di pawon mah ngan sakieu Aki, leunca téh.” Si Nini némbongkeun leunca na keupeulanna nu ngan sababaraha ranggeuy.
“Ieu wé atuh nu na piring.”
Teu kalékéd si Nini ngawadahan leunca nu aya na piring hareupeun si Aki kana palastik bari terus ngomong sasadu, “Wios Dén pami mung sakieu-kieuna? Pami siang kénéh mah tiasa milari heula panginten ka kebon. Pami ngala diburuan, masih parentil da nembé tadi siang tos diundeur.”
“Enya lah teu nanaon. Gampang kurang mah bisa kadieu deui ari beurang, Sabarahaeun ieu leunca téh?”
Prawira nampanan palastik wadah leunca bari terus ngodok pésak.
“Ah, teu kedah diartosan Dén. Pira leunca sakitu, candak wé!” Si Aki ngahulag.
“Enya atuh.” Prawira buru-buru ngojéngkang kaluar. Teu lila kadéngé sora mobil distater.
“Uyuhan ku téga leunca ngan sakitu-kituna bari keur dihareupan rék dihuapkeun téh meuni teu nuhun-nuhun acan. Lain ditampanan atuh lumayan duitna? Sidik beurang sayuran téh teu pati payu.” Ni Arsah gegerendeng ka si Aki.
“Ih ulah gegerendeng kitu Nini! Urang mah kudu tutulung kanu butuh tatalang kanu susah. Geuning ceuk ajengan gé basa Rajaban baréto…?
“Ah da Nini mah teu milu Rajaban da keur teu séhat.” Ni Arsah motong, “Kumaha kitu?”
“Heueuh, petani mah harepan asup kana surga téh gedé, sabab petani mah geus ngabudaya meunang hasil tatanén saeutik ge, minimal tatangga sabudeureun téh sok kabagéan ngasaan-ngasaan baé mah. Rék panén leunca, jagong, kacang atawa naon baé, méméh ngajual téh sok ngabagi heula tatangga. Béda jeung pengusaha gedéan atawa pagawe negeri hususna di lembur urang, saha nu daék bébéré ka tatangga siga petani kawas urang. Tah urang bakal gampang asup ka surga soté lamun dibarengan ku ikhlas. Lamun ngaharep paméré deui ti jalma mah sarua wé jeung bohong. Keun ulah gegerendeng! Sugan lamun urang ikhlas mah hasil tatanén urang téh beuki mucekil. Ku Allah téh disuburkeun, hama-hama dieuweuhkeun jeung sajabana.”
“Ah, keur naon hasil tatanén ngaronjat gé ari hésé dijualna mah siga poé ieu. Rajeun aya payu, hargana pejét ari barang ti urang mah. Béda jeung barang ti batur, misalna minyak goréng. Euweuh wé carita hargana kudu turun mah, komo rék nyanghareupan bulan Puasa kieu.”
“Dipikir-pikir mah enya ogé. Sabar wé lah urang mah! Nu penting mah urang séhat. Sanajan hahargaan marahal lamun keur séhat mah, dahar empal daging sapi jeung coél leunca atah gé nikmat. Tuh buktina jalma beunghar gé butuheun leunca. Coba lamun urang keur gering, dahar jeung lolodeh buah paria  ge pait he..he..”
“Ah naha kalah heureuy, buah paria mah didahar ku sasaha gé angger wé pait.”
Si Nini ngojéngkang rék nyokot cai panas tina térmos.
Kantos dimuat dina HU Priangan, ilustrasi poto kénging Faizal Amiruddin

Diposting oleh Rina Tesya Anggraeni di 01.21 0 komentar
Kirimkan Ini lewat Email BlogThis! Bagikan ke X Berbagi ke Facebook

Pancen Teori Nulis (Hasil Nulis 1)


Tol Cipularang Oh Tol Cipularang
Sanajan lebaran jeung arus mudik ogè geus kaliwat, terus arus balik ogè geus bèrès. Tapi warta-warta jeung info-info anu aya dina sakabèh media ayeuna-ayeuna nya ètaa ngeunaan Tol Cipularang. Ieu jadi topik anu keur aktual pisan di sakabèh kalangan masarakat. Sabab ieu tèh ku ayana kajadian kacilakaan di KM 97 anu dialaman ku salah saurang artis, nu jadi korbanna tèh nya èta pamajikana sorangan. Sanggeus ayana kajadian èta, teu lila ti dinya aya deui kacilakaan di KM 93 nu dialaman ku mobil pariwisata. Ngutat tina warta nu aya dina salah sahiji Tv, nya èta: “ Tah ku ayana kacilakaan-kacilakaan èta, hal ieu ogè dikait-kaitkeun kana carita-carita mistis anu aya di KM 90-110. Ceuk kapercayaan jeung carita nu sumebar di kalangan masarakat didinya mah, nu nyebabkeun kacilakaan-kacilakaan èta tèh, teu lepas tina ayana  “Gunung Hèjo”. Ceuk masarakat didinya mah, Gunung Hèjo mangrupakeun tempat pamujaan-pamujaan jeung tempat papanggihna para Wali dina jaman harita”. Tapi, henteu bisa kitu urang ogè, nyalahkeun kana ayana Gunung Hèjo èta. Da Gunung èta mah, ngan mangrupakeun bagèan tina alam nu kudu ku urang dijaga. Da nu pastina mah, sakabèh kajadian tèh geus jadi takdir jeung  kakawasaan Alloh SWT. Da angger, balik deui ka urangna. Mun urangna ati-ati jeung sok waspada mah, urang ogè bakal salamet. Dina unggal kajadian, pasti aya hikmah nu bisa dicokot ku urang.
Dina tv, radio, koran, majalah, jeung media-media anu lainna, nyebutkeun yèn dina unggal arus mudik jeung arus balik lebaran ogè, kacilakaan jeung korbanna unggal taun tèh ningkat waè. Hal ieu ogè disebabkeun ku sababaraha faktor, diantarana kaayaan jalan anu kurang layak dipakè, jeung kurangna kawaspadaan ti nu marudikna ogè. Dina taun 2011 ieu, lolobana kacilakaan tèh di tol Cipularang, tol anu ngahubungkeun antara Bandung jeung Jakarta ieu tèh, geus loba “memakan korban”. Dicutat tina fakta anu ditepikeun ku salah sahiji saksi mata, nu nyebutkeun yèn “dina unggal kacilakaan di tol Cipularang tèh, rata-rata kajadianana di KM 90-110”. Tah ku ayana fakta ieu, lain maksud rèk nyingsieunan atawa ngajadikeun reuwas nu ngalaliwat di KM ieu. Ngan sangkan nu ngalaliwat tèh, leuwih ati-ati jeung leuwih waspada deui. Padahal mah, lamun dipikir ku logika da dimana-mana waè ogè mun geus waktuna cilaka mah, nya pasti cilaka atuh. Henteu ngaruh kana di tol mana urang ngaliwat, atawa di KM sabaraha urang ngaliwat. Ku lobana warta jeung bèja ngeunaan tol Cipularang ieu, pihak kapolisian jeung pihak jasa marga negeskeun yèn “Para pemudik dan para pengguna tol ini, tidak usah khawatir dengan semua isu dan berita yang beredar. Karena setiap kecelakaan itu kembali lagi kepada kitanya sendiri.”
Ku ayana sakabèh kajadian ieu, mugi tiasa jadi conto jeung ngajadikeun urang leuwih bijak nanggepan jeung ngajèn kana sagala rupa warta nu ditarima, jeung ngajadikeun urang leuwih waspada jeung ati-ati deui kana sagala kaayaan.
Sumber: Tina “Redaksi Trans7”

Diposting oleh Rina Tesya Anggraeni di 01.13 0 komentar
Kirimkan Ini lewat Email BlogThis! Bagikan ke X Berbagi ke Facebook
Postingan Lebih Baru
Langganan: Postingan (Atom)
@ 2011 Rina Tesya Anggraeni; Many thanks to: Blogger Templates / blog Design Company / SEO / free template Blog